Calon Media Online HUMAS.ID – Berikut ini adalah Contoh Teks Tulisan atau Format untuk Surat Undangan Acara Pengajian atau Tabligh Akbar, dengan menggunakan Bahasa Sunda :
RUKUN WARGA (RW.09)
KP. LEUWISEENG, DESA SUKAHERANG
KEC. SINGAPARNA, KAB. TASIKMALAYA
Kp. Leuwiseeng Rw.09, Desa Sukaherang, Kec. Singaparna, Kab. Tasikmalaya
Kamis, 19 Agustus 2021
Nomor : 01/U/RW9-LSW/VIII/2021
Lampiran : –
Perihal : Uleman Pangaosan / Tabligh Akbar
Kahatur
Bapa/Ibu/Sadèrèk : ………………………
Bismillaahirrohmaa nirrohiim,
Assalaamu’alaikum Wr. Wb.
Puji sinareng Syukur kasanggakeun ka Gusti Alloh SWT nu Maha Suci. Sholawat miwah Salam mugia salamina dilimpahkeun ka Kanjeng Nabi Muhmmad SAW, ogè ka Kulawargina sareng ka Para Sohabatna.
Salajeungna, patali sareng Nyambut Tahun Baru Islam (1 Muharram 1443 Hijriah) sinareng Nyambut HUT RI ka-76, Rukun Warga 09 Leuwiseeng badè Ngayakeun Pangaosan / Tabligh Akbar.
Dupi katangtosan waktosna, Insya Alloh badè dilaksanakeun dina :
Dinten : Jum’at (Wengi Saptu)
Kaping : 20 Agustus 2021 M / 11 Muharram 1443 H
Tabuh : 19.30 WIK dugi ka Rèngsè
Tempat : Jalan Tengah Kp. Leuwiseeng
Penceramah : Ust. KH. Ilyas (ti Benyan)
Kana kasumpingan Bapa/Ibu/Sadèrèk Tawis mikacinta kana Syi’ar Islam, Panitia ngahaturkeun nuhun, mugia ku Gusti Alloh dicatet janten Amal Sholeh. Amin Ya Allah Yaa Robbal Alamin.
Wassalaamu’alaikum Wr. Wb.
Ketua RW. 09 Leuwiseeng
( DENI HAMDANI )
Sumber : 01 – Serat Uleman Pangaosan Tabligh Akbar – 17 Agustus 2021.